Program Kegiatan LPPSI Universitas Pasundan Periode 2016-2017
May 12, 2018
HUKUM PUASA ANAK/BUDAK ANU CAN BALIGH
May 12, 2018

BEDANA FIQIH JEUNG SYARI’AH

Patarosan

            Ais Pangaping Tanya Jawab Munara Cahaya anu dipihormat. Sim kuring kantos nguping dina hukum Islam aya istilah fiqih sareng syari’ah. Ngenaan dua istilah eta, dugi ka kiwari sim kuring masih poekeun. Ku hal kitu, ngalangkungan rubrik ieu sim kuring tumaros, naon bedana fiqih sareng syari’ah, boh dina hartina atawana dina ngararapkeuna? Hatur nuhun sateu acana.

 

Waleran

            Sami-sami hatur nuhun kana sagala rupi perhatosana. Patali sareng patarosan di luhur ngeunaan bedana fiqih sareng syari’ah, sim kuring saparakanca bade ngawalerna dikawitan tina harti atawa makna kadua eta istilah, boh sacara basa atawa istilah.

Kecap fiqih sacara basa, ngabogaan dua harti: Kahiji, fiqih hartina ngarti atawa paham sacara langsung atawa sakadar ngarti. Makna ieu disebut dina Alquran: “Maranehna (kaum kafir) nyararita: ‘Kuring sarerea henteu loba ngarti kana naon-naon anu diucapkeun ku anjeun’” (QS. Hud: 91).  Kadua, fiqih hartina bener-bener ngarti atawa bener-bener paham sacara detil jeung jero. Makna ieu disebut dina Alquran: “Teu sakuduna pikeun sakabeh kaum mukmin indit ka medan perang. Kudu aya sabagian ti antara maranehna indit ka hiji tempat pikeun bener-bener ngaji masalah-masalah agama supaya mere wejangan (nasehat) nalika maranehna balik deui ka kaumna, jeung supaya maranehna bisa ngaraksa dirina” (QS. al-Taubah: 122). Sedengkeun harti fiqih sacara istilah nyaeta hiji elmu anu ngabahas hukum-hukum Islam ngeunaan masalah-masalah pagawean jeung ucapan jalma-jalma mukallaf (jalma-jalma anu geus katibaan hukum Islam) dumasar kana dalil-dalil anu rinci tina Alquran jeung Sunnah, sahingga ngalahirkeun hukum wajib, sunnah, haram, makruh, jeung mubah.

Salajengna masalah syari’ah. Syari’ah hartina sacara basa nyaeta cara atawa jalan anu lempeng, atawa sumber cai anu biasa dijadikeun tempat nginum. Sedengkeun hatina sacara istilah nyaeta hukum-hukum Allah Swt. anu diturunkeun ngalangkungan para Nabi-Na pikeun sakabeh hamba-Na, boh ngeunaan masalah-masalah kayakinan, ibadah, mu’amalah, akhlak, jeung sajabana. Sedengkeun bedana antara syari’ah jeung fiqih, pada umumna dina poko bahasana, nyaeta sakumaha di handap ieu:

Kahiji, poko bahasan syari’ah ngawengku sagala kahirupan, nyaeta ngawengku masalah-masalah akidah (kayakinan), akhlak, ibadah, mu’amalah jeung sajabana anu patali jeung sakabeh katangtuan Alloh Swt. pikeun hamba-hamba-Na. Sedengkeun poko bahasan fiqih dibatasi ku masalah-masalah hukum anu sifatna amaliyah praktis sacara lahiriah, saperti masalah hukum najis, hadats, mandi, wudhu, tayamum, solat, zakat, puasa, jual beli, sewa, gade, jeung sajabana. Cindekna dina elmu fiqih henteu dibahas masalah-masalah anu patali jeung kayakinan (akidah), saperti tentang sifat-sifat Allah, sifat-sifat para Nabi, malaikat, qiyamat, poe akhir, surga jeung naraka.

Kadua, poko bahasan elmu fiqih kaluar tina masalah-masalah hubungan hate jalma jeung Alloh sacara batiniah, seperti rasa sieun, cinta, ridlo, tawekal, ikhlas ka Gusti Alloh, jeung sajabana. Sedengkeun pokok bahasan syari’ah ngawengku oge kana masalah-masalah hubungan hate jeung Gusti Alloh, boh sacara batiniah atawa sacara lahiriah.

Katilu, poko bahasan fiqih kaluar tina masalah-masalah akhlak mulia (akhlak karimah) atawa akhlak murka (akhlak madzmumah), saperti sifat sombong, riya, iri, dengki, ujub, takabur, hasud, jeung sajabana. Sedengkeun pokok bahasan syari’ah ngawengku kana sakabeh bentuk akhlak.

Kaopat, bedana syari’ah jeung fiqih anu paling penting nyaeta, ari fiqih ngarupakeun hukum-hukum anu dihasilkeun ku para ulama (mujtahid) ngeunaan masalah-masalah anu teu acan ditangtukeun sacara pasti jeung jentre dina Alquran atawa Hadits (Sunnah), jeung kumaha carana ngararapkeun hukum-hukum eta dina kanyataan zaman jeung tempat kahirupan sapopoe.  Jadi, hukum-hukum anu aya dina fiqih ngarupakeun hasil ijtihad para ulama anu dumasar kana dalil-dalil Alquran jeung Hadits. Ku hal kitu, hasilna mungkin beda antara hiji ulama jeung ulama liana. Tapi saupama masalah-masalah anu tos aya katangtuan hukumna dina Alquran atawa Hadits, sakabeh ulama pasti aya dina kamufakatan. Sedengkeun syari’ah biasana dipahami ku para ulama ngarupakeun hukum-hukum anu tos ditangtukeun atawa ditetepkeun ku Gusti Alloh dina Alquran atawa Hadits pikeun dirarapkeun dina kahirupan sapopoe anu ngawengku kana sagala masalah kahirupan, boh masalah lahiriah atawa batiniah, sahingga para ulama oge aya dina kamufakatan. Sok sanajan dina pokok bahasa antara syari’ah jeung fiqih aya bedana, tapi duanana ngabogaan tujuan anu sarua, nyaeta ngabingbing sakabeh umat Islam ka jalan anu bener tur aya dina Ridlo Alloh Swt.

Dumasar kana pedaran di luhur, tiasa disimpulkeun wireh bedana antara syari’ah sareng fiqih nyaeta: Kahiji ditingal tina objek bahasana, syari’ah objek bahasana ngawengku masalah-masalah lahiriah jeung batiniah. Sedengkeun fiqih objek bahasana mung sakadar masalah-masalah lahiriah anu patali jeung papada manusa tur makhluk liana. Kadua ditilik tina sumber pkona, syari’ah sumber pokona wahyu Alloh, nyaeta kasimpulan-kasimpulan anu langsung tina Alquran atawa Hadits Nabi. Sedengkeun fiqih sumber pokona nyaeta hasil pikiran para ulama jeung kabiasaan-kabiasaan masyarakat anu bentukna aturan-aturan atawa undang-undang, anu sacara pasti jeung detil henteu ditangtukeun dina Alquran jeung Hadits. Katilu ditilik tina sangsi atawa hukumana, syari’ah sangsina nyaeta balasan Allah di hari akhir, tapi kadang-kadang di sangsi di dunia datangna henteu disangka-sangka jeung henteu karasa ku manusa, atawa sangsina di dunia kadang-kadang henteu langsung. Sedengkeun fiqih sangsina di samping langsung balasan ti Gusti Alloh di poe akhir, oge sangsina sacara sekunder bisa ngaliwatan pamarentah atawa alat pelaksana nagara ssaperti para pengadilan.

Cinekna, anu ngabedakeun antara syari’ah jeung fiqih nyaeta, syari’ah sumberna langsung tina Alquran jeung Sunnah; Padumukan hukumna pasti (qath’i) nyaeta henteu bisa robah-robah; Sifatna pokok, hakiki jeung asasi. Sedengkeun fiqih sumberna hasil pikiran manusa (ijtihad para ulama), sabab masalah-masalah anu ditetapkeun dina elmu fiqih nyaeta masalah-masalah anu henteu acan pasti hukumna dina Alquran atawa Sunnah. Ku hal kitu, padumukan hukumna oge henteu pasti, tegesna bisa ribah-robah jeung mungkin beda-beda hukumna antara hiji ulama jeung ulama liana. Wallohu A’lam

 

 

Fiqih

  • Karya Manusia yang bisa Berubah
  • Bersifat Fundamental
  • Hukumnya dapat berubah
  • Banyak berbagai ragam
  • Bersal dari Ijtihad para ahli hukum sebagai hasil pemahaman manusia yang dirumuskan oleh Mujtahid 

Comments are closed.