HUKUM PUASA ANAK/BUDAK ANU CAN BALIGH
May 12, 2018
SAHA ANU JADI IMAM SOLATA JANAZAH NABI SAW?
May 12, 2018

Hukum Multi Level Marketing (MLM) Numutkeun Ajaran Islam

Patarosan

            Ais Pangaping Tanya Jawab Munara Cahaya anu dipihormat, sim kuring bade tumaros ngeunaan masalah hukum dagang anu ngagunakeun cara multi level marketing (MLM). Saleresna, sim kuring tos lami bade naroskeun masalah MLM ieu, namung nembe sempat ayeuna-ayeuna. Utamina ka tukang-tukang bisnis anu ngagunakeun cara MLM ieu seueur pisan, dugi ka ayeuna masih keneh rame, sok sanaos tos rada ngirangan. Anu janten patarosna, kumaha eta hukumna numutkeun ajaran Islam, naha dikengingkeun? Hatur nuhun sateu acana. (M. Hajir: Gede Bage Bandung)

 

Waleran

            Sami-sami hatur nuhun kana sagala rupi perhatosana. Ngeunaan masalah MLM, saleresna tos seueur oge anu naroskeun ka redaksi Munara Cahaya Mangle, babarengan sareng ramena kaluar perusahaan MLM di nagara urang, boh anu datang ti luar nagri (milik bangsa asing) atawana miliki bangsa urang (pribumi). Namung puntun pisan sim kuring saparakanca nembe ayeuna-ayeuna tiasa ngwalerna, jalaran seueur pisan hal anu janten wagelana, di antawisna milarian buku-buku atanapi kitab-kitab anu janten bahan rujukana.  Alhamdulillah, ayeuna sok sanaos teu acan sampurna, namung tos tiasa dipertanggung-jawabkeuna.

Multi Level Marketing (MLM), biasa oge disebut Network Marketing (NM), ngarupakeun salasahiji cara dagang kalayan seueur pisan anu ngajalankeuna. Namung dina prak-prakana saupama ditilik tina ajaran Islam, aya sababaraha hal anu peryogi dipertimbangkeuna, sapertos cara akadna, jinis barang anu didagangkeuna, sistem masarkeuna, jeung sajabana. Bahasan MLM dina literatur fiqih Islam, kaasup kana bahasan fiqih mu’amalah, atawa babul buyu’ (bab perniagaan). MLM ngarupakeun salasahiji cara ngajual atawa masarkeun hiji produk, boh anu mangrupa barang atawa jasa sacara langsung ka para konsumen, sahingga biaya distribusi barang kacida minimna. Cara MLM ieu, oge bisa ngaleungitkeun biaya promosi, sabab distribusi jeung promosi ditanggung langsung ku ditributor kalayan ngagunakeun sistem tingkatan (level).

Sistim anu digunakeun ku MLM dina masarkeun barang, estu beda-beda sahingga antara hiji sistim jeung sistim liana bisa patukang-tongong (patojaiyah). Ku hal kitu, syari’ah Islam dina nangtukeun hukum MLM gumantung kana sistim anu digunakeun ku eta MLM. Di nagara urang, neupi ka ayeuna jumlah MLM tos aya kurang leuwih 200 MLM, boh anu tos didaftar sacara resmi di Asosiasi Penjualan Langsung Indonesia (APLI), atawana anu teu acan kadaftar. Kusabab jumlah MLM kacida lobana, oge beda-beda sistimna, jeung satiap MLM ngabogaan ciri-ciri khasna sewang-sewangan, mangka sim kuring saparakanca bade masihan waleran dumasar kana patokan-patokan anu sifatna umum anu bisa dijadikeun panduan pikeun umat Islam anu bade ngajalankeun usahana di bidang MLM. Kango ngawaler patarosan di luhur, sim kuring saparakanca bade ngawitan ku pidawuh Alloh: “Alloh tos ngahalalkeun jual beuli, sareng tos ngaharamkeun riba.” (QS. Al-Baqarah: 275). Pidawuh sanesna: “Prak silih tulungan aranjeun dina urusan kahadean jeung kataqwaan, jeung poma ulah silih tulungan aranjeun dina urusan dosa jeung mumusuhan.” (QS. al-Maidah: 2). Sakumaha anu tos dijelaskeun di luhur, wireh MLM dina elmu fiqih kaasup kana fiqih mu’amalah, atawa kaasup kana babul buyu’ (bab perniagaan). Ku hal kitu, dina waleran ieu sim kuring saparakanca bade ngarujuk kana prinsip-prinsip anu aya patalina sareng jual-beuli, sakumaha anu bade dijelaskeun di handap ieu:

Kahiji, MLM pada dasarna kaasup kana mu’amalah jual-beuli, hukum jual-beuli numutkeun ajaran Islam pada dasarna dimeunangkeun (mubah), salila henteu ngandung unsur: (a) riba, hartosna bunga anu ngalipat ganda; (b) ghoror, hartosna tipu daya; (c) dhoror, hartosna ngarugikeun atawa ngazholimi salasahiji pihak; (d) jahalah, hartosna henteu transparan.

Kadua, ciri husus sistim MLM nyaeta ngabogaan jaringan, sahingga perlu diperhatikeun sagala hal anu aya patalina jeung jaringan, di antarana (a) tarnsparansi katangtuan biaya pikeun jadi anggota, jeung alokasi biayana; (b) transparansi tingkatan anggota dina satiap jenjang (level); (c) hak jeung kasempatan anu diraih ku tiap anggota luyu jeung prestasi gawena.

Katilu, MLM ngarupakeun sarana pikeun ngajual produk barang atawa jasa, lain ngarupakeun sarana pikeun meunang kauntungan (duit) tanpa aya produk, atawa produkna ngan sakadar kamuflase, sahingga bentukna jadi money game anu sarua jeung praktek judi.

Kaopat, barang atawa produk anu ditawarkeuna jelas padumukan hukumna, nyaeta barang halal, lain barang haram. Sajaba ti kitu, satiap pihak nganyahokeun yen barang-barang anu dipasarkeuna jelas-jelas halal, jeung satiap pihak ngarasa tanggung jawab kana padumukan hukum barang anu dpasarkeuna. Ku hal kitu, kacida leuwih hadena saupama umat Islam ngajalankeun MLM anu geus bener-bener aya legalisasi syari’ah-na, nyaeta MLM anu henteu sakadar nyantumkeun label dewan syari’ah, tapi anu fungsi dewan syari’ahna bener-bener dijalankeun. Tegesna, saupama urang datang ka kantorna, mangka ustadz atawa ulama anu ngarti kana masalah syari’ah bener-bener aya, jeung manehna siap ngajelaskeun padumukan halal jeung haramna. Cindekna, barang anu dijual-beulikeuna kudu anu halal, manfaat keur balarea, jeung henteu samar-samar anu ngandung unsur tipu-daya.

Kalima, heunteu aya unsur paksaan. Pidawuh Alloh: “Hai jalma-jalma anu ariman, poma aranjeun ulah ngadahar harta sasama kucara anu batil, anging kucara jual-beuli anu sarua suka (antara anu meuli jeung anu ngajual)” (QS. al-Nisa: 29). Biasana dina jual-beuli MLM sok ngagunakeun sistim paket. Ku hal kitu, anggota atawa konsumen henteu bisa milih produk anu luyu jeung kabutuhan. Dina hal ieu sacara henteu langsung ngandung unsur paksaan. Saupama MLM anu ngagunakeun cara kieu, mangka tos kaasup jinis MLM anu dilarang ku hukum Islam.

Dumasar kana pedaran di luhur, tiasa disimpulkeun wireh MLM atawa NM dina hukum fiqih Islam kaasup kana masalah fiqih mu’amalah atawa babul buyu’ (bab perniagaan). Hukum MLM/NM pada dasarna dimeunangkeun (mubah) salila dina ngajalankeuna nyepeng kana lima prinsip anu disebatkeun di luhur, atawa minimalna nyepeng kana prinsip-prinsip jual-beuli numutkeun ajaran Islam. Wallohu A’lam.

Comments are closed.