NGERIK HALIS NUMUTEKUN AJARAN ISLAM
May 12, 2018
HUKUM PUASA ANAK/BUDAK ANU CAN BALIGH
May 12, 2018

NAHA LERES UMAT ISLAM NYEMBAH KA’BAH?

Patarosan

            Ais Pangaping Tanya Jawab Munara Cahaya anu dipihormat. Dina obrolan sapope, sim kuring kantos nguping ti rerencangan ayana tuduhan ti sabagian kaum kafir (umat non Islam) anu nyebatkeun yen umat Islam sapopoena nyembah ka’bah henteu nyembah Gusti Alloh, sabab dina satiap ngalaksankeun solat umat Islam sok nyanghareup (ngiblat) ka ka’bah, kitu saurna. Anu jadi masalahna, naha leres ku ayana umat Islam nalika ngalaksankeun solat (nyanghareup ka ka’bah) ngandung harti umat Islam henteu nyembah Alloh tapi nyembah ka’bah? Sim kuring nyuhunkeun pedarana, kalayan sateu acana ngahaturkeun nuhun.

(Muhammad Fathir, Cijurang Bandung)

 

Waleran

            Sami-sami hatur nuhun kana sagala rupi perhatosana. Supados langkung jentre, pikeun ngawaler patarosan di luhur tinangtos meryogikeun sajarah awal-awal ayana ka’bah. Ku hal kitu, sim kuring saparakanca sateu acan ngawaler patarosan di luhur, bade ngadugikeun heula sacara singkat (sakilas) ngeunaan sajarah ka’bah.

Dina Alquran disebatkeun sacara tegas yen Gusti Alloh netepkeun ka’bah salaku hiji imah (Baitulloh) anu mimiti diadegkeun di alam dunya ieu anu dipake pikeun nyembah Alloh, sakumaha pidawuh-Na: “Saestuna imah anu mimiti diwangun pikeun umat manusa nyaeta Baitulloh di Mekkah anu diberkahi jeung jadi pituduh (patokan) pikeun sakabeh umat manusa” (QS. Ali Imran: 96). Malih numutkeun para ahli sajarah, ayana ka’bah jauh samemeh Alloh nyiptakeun manusa jeung samemeh manusa lahir ka alam dunya ieu. Dina waktu harita Alloh ngutus para malaikat turun ka alam dunya piekun ngawangun ka’bah di Mekah, terus maranehna diparentah supaya ngurulingan ka’bah (towaf) neupi ka datang masa Nabi Adam diciptakeun ku Gusti Alloh. Singkat carita, terus Nabi Adam diturunkeun ka alam dunya di daerah anu ayeuna disebut nagara India. Lajeung anjeuna milarian bojona Siti Hawa, ahirna papendak di hiji tempat di sakitar Baitulloh (ka’bah) anu dijadikeun tempat ibadah ka Mantena ku sakabeh para Rasul Alloh jeung umatna.

Ti mimiti zaman Nabi Adam neupi ka zaman kiwari, umat manusa henteu nyembah ka’bah, ka asup di zaman jahiliah bangsa Arab oge henteu nyembah ka’bah. Bangsa Quraisy anu katelah nyembah berhala pernah nyimpen berhala anu jumlahna henteu kurang ti 360 berhala di sebundeureun ka’bah. Maranehna henteu boga pikiran jeung kayakinan kudu nyembah ka’bah, sabab maranehna yakin yen ka’bah lain pangeran atawa berhala anu kudu disembah tapi Baitulloh (rumah Alloh) anu jadi tempat ibadah. Sakumaha pidawuh-Na: “Mangka maranehna kudu nyembah Alloh anu ngabogaan ieu imah nyaeta ka’bah” (QS Quraisy: 3). Ayat ieu netelakeun yen ka’bah ngarupakeun banda jeung tempat ibadah, lain banda anu kudu disembah. Terus sakabeh umat Islam sa alam dunya dina ngalaksankeun ibadahna, hususna ibadah solat jeung haji wajib nyanghareup ka ka’bah.

Ka’bah, sacara basa hartina kubus segi opat. Di jeurona kosong henteu aya naon-naon. Sedengkeun hajar aswad (batu warna hideung) ayana di juru luar ka’bah. Fungsi ka’bah pikeun umat Islam ngan sakadar kiblat (arah) dina ngalaksankeun ibadah solat, lain hartina umat Islam nyembah ka’bah. Bisa dibayangkeun, saupama umat Islam henteu ngabogaan arah (kiblat), tangtu dina ngalaksankeun solat moal aya dina kasaragaman. Supaya aya dina kasaragaman dina ngalaksanakeun ibadah solat (nyembah Alloh), mangka Alloh ntetepkeun arah kiblat nyaeta nyanghareup ka ka’bah. Sok sanajan umat Islam dina ibadah solatna nyanghareup ka ka’bah, lain hartina umat Islam nyembah ka’bah, sabab sakabeh umat Islam mufakat ngajadikeun ka’bah ngan saukur patokan arah dina ngalaksanakeun ibadah solat, sahingga sakabeh umat Islam sa alam dunya (dimana wae ayana) dina ngalaksankeun ibadah solatna kudu saragam (sarua) nyanghareup ka ka’bah. Nalika umat Islam dina ngalaksanakeun ibadah solatna nyanghareup ka ka’bah, hal ieu ngarupakeun salasahiji bentuk kataatan umat Islam ka Gusti Alloh.

Zakir Naik nyebatkeun, aya sababaraha hikmah anu tiasa dicandak tina parentah Alloh ka umat Islam dina ibadah solatna wajib nyanghareup ka ka’bah, di antarana:

Kahiji, Islam marentah ka umatna supaya ngahiji, ulah paburencay. Parentah ieu disimbulkeun nalika umat Islam ngalaksanakeun ibadah solat. Saupama henteu aya parentah kudu nyanghareup ka’bah dina solat, bisa jadi nalika umat solat di masjid aya anu nyanghareup ka wetan, ka kulon, ka kidul jeung ka mana mendi. Pikeun ngahijikeun tur nyaragamkeun umat Islam dina ngalaksankeun solat (nyembah ka Gusti Alloh), mangka umat Islam di mana wae ayana nalika solat wajib nyanghareup ka hiji arah nyaeta ka ka’bah.

Kadua, ka’bah ngarupakeun pusat alam dunya. Numutkeun Zakir Naik, umat Islam ngarupakeun umat anu mimiti ngagambarkeun peta dunia. Maranehna ngagambar peta arah kidul nunjuk ka luhur, terus peta arah kaler nunjuk ka handap, sedengkeun ka’bah ayana di pusat peta. Terus para kartografer (para ahli peta arah kulon) nyarieun peta sabalikna, nyaeta peta arah kaler nunjuk ka luhur, peta arah kidul ka handap. Tapi sok sanajan dibalik, ka’bah tetep ayana di pusat peta.

Katilu, ibadah thowaf umat Islam ngurilingan ka’bah. Nalika umat Islam indit berangkat ka masjidil haram di Mekkah, maranehna ngalakukeun thowaf ngurilingan ka’bah. Hal ieu ngagambarkeun kaimanan jeung cara ibadah ngan wungkul hiji ka Gusti Alloh, persis sarua jeung bunderan (lingkaran) anu ngabogaan hiji puseur. Hiji puseur ieu ngagambarkeun ngan wungkul Gusti Alloh anu ngabogaan hak disembah.

Mungkas pedaran ieu, sim kuring saparakanca ngutif cariosan Umar bin Khathab ngeunaan hajar aswad (batu hideung) anu aya di juru ka’bah. Anjeuna kantos nyarios kieu: “Kuring nyaho yen anjeun (hajar aswad) ngan sakadar sabongkah batu anu henteu bisa ngadatangkeun madarat atawa manfaat. Saupama kuring henteu nempo Rasululloh Saw nyium anjeun, mangka kuring oge moal nyium anjeun. Hartina, solat nyanghareup ka’bah, jeung nyium hajar aswad nalika ibadah haji, ngarupakeun salasahiji kataatan umat Islam ka Gusti Alloh jeung Rasul-Na. Wallohu A’lam.

Comments are closed.