SAHA ANU JADI IMAM SOLATA JANAZAH NABI SAW?

Patarosan

            Ais Pangaping Tanya Jawa Munara Cahaya anu dipihormat, sim kuring ngawitan di ajar nuntut elmu di SD, teras ka SLA bari masantren di salasahiji pasantren anu aya di Jawa. Rengse ti SLA sareng masantren, teras kuliah di Universitas Islam Negri (UIN) Sunan Gunung Djati Bandung. Namung salami sim kuring nuntut elmu di dua lembaga pendidikan Islam eta, dugi ka ayeuna henteu kantos kagali sareng kaemut, saha anu janten imam solat janazah Rosululloh saw. nalika mantena wafat. Ayeuna-ayeuna sim kuring nembe kaemutan ku wasilahna aya rerencangan anu naroskeun  perkawis eta. Janten ngalangkungan rubrik ieu, sim kuring tumaros, nalika Rosululloh saw. ngantunkeun, saha anu janten imam solat janazahna? Hatur nuhun sateu acana. (Abdul Hakim: Cimindi Cimahi Bandung)

 

Waleran

            Sami-sami hatur nuhun kana sagala rupi perhatosana. Pikeun ngawaler patarosan di luhur, saena urang sami-sami ngagali atawa ngaguar deui sajarah Islam ka tukang khususna anu patali sareng masa-masa Rosululloh saw. ngantunkeuna, dugi ka dimakamkeuna. Saha bae sahabat-sahabat anu ngiring ngarawat (mulasara) janazah Rosululloh, ti ngawitan ngaibakana, dugi ka ngamakamkeuna, kalebet saha anu jadi imam solat janazahna nalika disolatan. Leres pisan sakumaha anu disangemkeun ku wargi anu naros, wireh dina buku sajarah-sajarah Islam oge, atanapi dina buku sajarah Nabi Muhammad saw. seueur disebatkeun, wireh nalika Rasululloh saw. ngantunkeun, anu mimiti diperhatikeun jeung disawalakeun ku umat Islam waktu harita, lain masalah ngarawat janazah Nabi saw. (saha anu bade ngibakana, saha anu jadi imam solat janazahna, sareng saha wae anu ngamakamkeuna), tapi justru masalah anu sering dicarioskeun, nyaeta saha anu bakal ngaganti pamingpin umat Islam saatos Nabi Muhammad saw. ngantunkeun. Samentawis masalah-masalah sanesna, langki dicarioskeun.

Namung sok sanaos kitu, dina sababarahiji katerangan sajarah anu ku sim kuring saparakanca kantos diaos, nyebatkeun wireh nalika Rosulullah saw. ngantunkeun, Imam Ali bin Abi Thalib ra. anu ngawitan ngarawat janazah Nabi saw. sareng anu ngawitan nyiapkeun sagala rupi anu diperyogikeun pikeun ngamakamkeun janazahna. Namung ngeunaan tata cara jeung tempat dimana janazah Rosululloh saw. dimakamkeuna, di kalangan umat Islam waktu harita beda-beda pamadegan (ikhtilaf), utamina ngeunaan saha anu kudu ngibakan janazahna, sareng anu bade nyandak janazahna, kalebet saha anu janten imam solat janazahna. Sabagian umat Islam ngagaduhan pamadegan yen janazah Rasulullah saw. supados dimakamkeun di Mekah, anu jadi alesana nyaeta sabab Nabi saw. dilahirkeuna di kota Mekah. Sabagian liana ngagaduhan kahoyong supados janazah Nabi saw. dimakamkeun di Madinah, di daerah Buqai’ supaya babarengan sareng para syuhada anu gugur dina perang Uhud. Akhirna sadaya umat Islam mufakat saatos Abu Bakar ngabewarakeun wireh anjeuna kantos nguping nyalira pidawuh Rasululloh saw. wire sadaya Nabi Allah dimakamkeun di tempat marantena wafat. Dumasar kana katerangan Abu Bakar eta, sadaya umat Islam mufakat ngamakamkeun janazah Rasulullah saw. di Madinah.

Lajeung ngeunaan masalah saha anu jadi imam solat janazah Nabi saw. oge di kalangan umat Islam beda-beda pamadegan (ikhtilaf), sabab hal ieu ngarupakeun kahormatan anu kacida agungna pikeun jalma anu jadi imam solat janazah Nabi saw. Kusabab dina hal ieu, sadaya umat Islam henteu aya dina kamufakatan, mangka numutkeun sabagian riwayat, akhirna tiap orang ngalakukeun solat sorangan-sorangan. Samentara numutkeun sabagian riwayat liana nyebatkeun wireh Imam Ali bin Abi Thalib ngusulkeun supaya solat janazahna dilakukeun sacara jama’ah, oge sacara langsung sadaya umat Islam mufakat nunjuk Imam Ali salaku imamna. Nyakitu deui ngeunaan masalah saha anu bakal meunang kahormatan dina nurunkeun janazah Rasul kana liang lahadna. Dina hal ieu, Abbas bin Abdul Muthalib (paman Nabi saw.) ngusulkeun supaya Abu Ubaidillah bin Al-Jarrah anu nurunkeun janazah Rasulullah saw. kana liang lahadna. Anu jadi alesana, sabab manehna tos biasa ngagali liang lahad jeung ngamakamkeun janazah warga-warga Mekah. Lajeng sahabat Ali bin Abi Thalib ngusulkeun Abu Thalhah al-Anshari anu nurunkeun janazah Rasulullah saw. kana liang lahadna. Alesana nyaeta anjeuna tos biasa ngagali kuburan jeung ngamakamkeun janazah warga-warga Madinah. Akhirna, Abu Thalhah kenging kahormatan ngagali liang lahad. Saatosna kitu, muncul deui masalah, nyaeta saha anu baris maturan Abu Thalhah dina ngalaksanakeun tugasna eta.

Akhirna sahabat Ali bin Abi Thalib sacara tegas nangtoskeun nyalira, yen henteu meunang aya jalma anu turun kana liang lahad Nabi saw. nyarengan Abu Thalhah anging anjeuna nyalira disarengan ku Abbas (paman Nabi). Tapi sok sanaos kitu, akhirna sahabat Ali bin Abi Thalib masihan kasempatan ka sahabat-sahabat Nabi sanesna pikeun turun kana liang lahadna. Di antara sahabat-sahabat Nabi anu ngiring turun ngamakamkeun janazahna nyaeta Al-Fadhl bin Abbas sareng Usamah bin Zaid (ti kalangan kaum muhajirin). Sedengkeun ti kalangan kaum Anshar nyaeta sahabat Aus bin Khauliy. Cindekna, dina sagala kagiatan mulasara janazah Nabi saw. ti ngawitan ngibakan dugikeun ka ngamakamkeuna, dipimpin ku sahabat Ali bin Abi Thalib, kalebet anu ngawitan ngarampa jasad Nabi saw. nalika diibakan, oge anjeuna.

Riwayat sanesna nyebatkeun wireh sahabat-sahabat anu ngiring ngibakan janazah Nabi saw. sajabi ti sahabat Ali bin Abi Thalib nyaeta Abbas bin Abdul Mutthalib sareng dua putrana nyaeta Al-Fadhl sareng Qutsam, dibantos oge ku sahabat sanesna, nyaeta Usamah bin Zaid sareng Syukran. Jasad janazah Nabi saw. nalika diibakan tetep ngango angean. Di tengah sahabat Ali ngibakan, anjeuna ngaraos heran ku seungit/harum sareng semerbakna. Bari dina kaayaan antara sadar sareng henteu sadar, sahabat Ali ngucapkeun: “Demi Allah, kacida seungit sareng semerbakna jasad gamparan, boh nalika jumeneng atanapi nalika tos maot.” Anapon waktos dimakamkeuna nyaeta dina waktos wengi anu pinuh ku cahaya bintang-bintang ti langit nyaangan ka alam jagad raya.

Dumasar kana pedaran di luhur tiasa disimpulkeun wireh anu janten imam solat janazah Nabi Muhammad saw. nyaeta sahabat Ali bin Abi Thalib. Malih sahabat Ali bin Abi Thalib sanes wungkul nga-imaman solat janazah Nabi saw., tapi oge anjeuna janten komando dina sagala rupi kagiatan anu patali sareng ngarawat (mulasara) janazah Rasulullah saw. Wallohu A’lam.