Patarosam
Ais Pangaping Tanya Jawab Munara Cahaya anu dipihormat, sim kuring gaduh wargi nasabna kapi-alo (lalaki), dina taun ieu umurna tos lebet ka 8 tahun jalan. Upami dina sasih Ramadhan, ti ngawitan sasih Ramadhan dua taun kapengker, anjeuna sok rajin ngalaksanakeun puasa tamat dugi ka magrib sapertos jalmi anu tos dewasa. Anu janten patarosana, kumaha eta hukumna numutkeun syari’at Islam, margi anjeuna teu acan dewasa atanapi teu acan manjing umur baligh? Kumargi teu acan baligh, naha kenging pahala tina hasil puasana? Diantos walerana, kalayan sateu acana ngahaturkeun nuhun.
Aceng Fadli: Kadungora Garut
Waleran
Sami-sami hatur nuhun kana sagala rupi perhatosana. Ibadah puasa lebet kana salah sahiji rukun Islam, disebut dina urutan kalima atawa urutan kaopat. Tapi saupama dina Hadits anu kapendak ku sim kuring saparakanca, ibadah puasa disebut dina urutan kalima saatos ibadah haji. Teras dina Alquran Surat al-Baqarah Ayat 183 dijelaskeun wireh Alloh ngawajibkeun ka sakabeh jalma anu ariman supaya ngalaksanakeun ibadah puasa di bulan Ramadhan. Anu jadi tujuanna, pikeun ngahontal katakwaan di sisi Alloh, atawa supaya kaasup jalma-jalma anu taqwa, sabab mung wungkul taqwa anu pang alus-alusna bekel pikeun ngajalankeun kahirupan di alam dunya ieu dugi ka alam akhirat engke.
Patali sareng patarosan di luhur, pikeun ngawalerna sim kuring saparakanca bade nuqil Ayat Alquran Surat al-Tahrim Ayat 6 nyebatkeun: “Hai jalma-jalma anu ariman, jaga diri aranjeun jeung kulawarga aranjeun tina siksa naraka.” Ayat Alquran ieu ngarupakeun dalil yen indung-bapa ngabogaan tanggung jawab di payuneun Alloh pikeun ngadidik anak-anakna luyu sareng ajaran Islam. Di antara didikan Islam ka anak-anak nyaeta ngabiasakeun ka maranehna supaya ngalakukeun amal-amal soleh, boh anu aya hubunganna jeung papada manusa (Hablum Minalloh), atawa anu aya hubungana jeung Gusti Alloh (Hablum Minalloh), boh amalan-amalan anu sifatna sunat atawana anu sifatna wajib. Utamina amalan-amalan anu sifatna wajib, saperti solat jeung puasa. Ku hal kitu, Rasululloh SAW marentahkeun ka sakabeh indung-bapa (orang tua) supaya marentah ka anak-anakna sangkan ngalaksanakeun solat wajib nalika umurna tos asup ka tujuh taun, jeung dimeunangkeun neungeul maranehna saupama maranehna ngabantah, sakumaha disebutkeun dina Hadits Nabi SAW: “Prak parentah anak-anak aranjeun supaya ngalaksanakeun solat nalika umurna 7 (tujuh) taun, prak teungeul saupama maranehna ngabantah nalika umur 10 (sapuluh) taun” (HR. Ahmad sareng Abu Daud).
Nyakitu deui dina masalah puasa, indung-bapa wajib marentah ka anak-anakna supaya diajar ngalaksanakeun ibadah puasa, sakumaha dicontoan ku sadaya sahabat Nabi SAW aranjeuna ngadidik anak-anakna supaya dialajar ngalaksanakeun ibadah puasa. Disebutkeun oge dina Hadits Nabi SAW anu sumberna ti Rubayi binti Muawidz nyarioskeun Rasululloh SAW ngutus salasaurang sahabat di waktu isuk-isuk poe Asyura (kaping 10 Muharam) supaya ngumumkeun, anu eusina: “Sing saha wae anu dina waktu isuk-isukna tos puasa, mangka teruskeun puasana. Sing saha anu geus barangdahar, mangka laksanakeun puasa dina poe-poe sesa sejena tur saterusna.” Para sahabat nyararios: “Saatosna kitu, urang sadaya paruasa jeung marentah ka anak-anak urang supaya paruasa. Urang indit ka masjid, urang ngahaja nyieun coco-oan (kaulinan) tini bulu pikeun maranehna. Nalika maranehna ceurik kusabab hayang brangdahar (buka puasana), terus eta coco-oan dibikeun ka maranehna neupi ka waktu buka puasa (waktu magrib)” (HR. Bukhari). Al-Hafizh Ibnu Hajar nyarioskeun yen Hadits ieu ngarupakeun dalil disyareatkeun ka urang supaya ngadidik anak-anak urang pikeun puasa, sabab anak-anak anu umurna can baligh can diwajibkeun ngalaksanakeun puasa. Tapi saupama maranehna tos biasa ngalaksanakeun puasa, hal eta ngan wungkul sakadar latihan supaya henteu hese tur tos jadi kabiasaan nalika manehna engke tos manjing umur baligh.
Para ulama nganjurkeun ka sakabeh indung-bapak supaya ngalatiha anak-anakna diajar puasa saupama maranehna tos mampuh. Batas umurna nyaeta sakitar 7 taun atawa 10 taun. Madzhab Hanbali nyebatkeun: “Diwajibkeun puasa pikeun satiap muslim anu tos mukalaf jeung mampuh. Sedengkeun pikeun wali anak-anak anu teu acan mukallaf (teu acan baligh) supaya marentahkeun puasa ka maranehna saupama maranehna mampuh, malah meunang neungeul ka maranehna sangkan jadi kabiasaan dina ngalaksanakeun puasa.”
Anapon ngeunaan pahala puasa anu dilaksanakeun ku budak anu can balig, naha manehna meunang pahalana atawa henteu. Dina hal ieu, jumhurul ulama nyebatkeun yen anak anu can balig atawana anu masih keneh tamyiz (mumayyiz) saupama manehna puasa, mangka meunang pahala. Sayaikhul Islam Ibnu Taimiyah, nyebatkeun: “Jumhurul Ulama ngagaduhan pamadegan yen pahala puasa anak-anak anu can balig nyaeta pikeun diri maranehna sorangan, sedengkeun kolotna (indung-bapana) menang pahala kusabab jadi sabab si anak daek ngalaksanakeun puasa.”
Lajeng Imam al-Qarrafi nyebatkeun wireh anak anu can balig dianjurkeun oge ngalaksanakeun amalan-amalan sunat, jeung manehna meunang pahala tina eta amalan-amalana.” Tapi aya oge ulama anu nyebatkeun, saestuna si anak henteu diparentahkeun pikeun ngalaksanakeun amalan-amalan sunat atawa wajib, namung anu diparentahkeuna nyaeta walina (indung-bapa-na atawa saha bae anu miarana) supaya ngadidik anak sangkan daek rajin ngalaksanakeun ibadah, boh anu wajibna atawa anu sunatna. Ngeunaan budak anu can balig henteu diparentahkeun ngalaksanakeun ibadah-ibadah wajib, sok komo ibadah-ibadah anu sifatna sunat. Hal ieu dumasar kana salahiji Hadits Nabi SAW anu unggelna: “Henteu ditulis (henteu dicatet) ti tilu jalma, nyaeta jalma anu keur sare neupi ka manehna hudang tina sarena, budak leutik neupi ka manehna baligh, jeung jalma gelo neupi ka menhna waras deui” (HR. Bukhari, Abu Daud, Tirmidzi, Nasai, Ibnu Majah, sareng Imam Daru Quthni). Anu dimaksud Henteu ditulis (henteu dicatet) dina eta Hadits nyaeta henteu katibaan hukum wajib ka sakabeh anak anu can balig pikeun ngalaksanakeun syari’at Islam, saperti solat, puasa jeung ibadah-ibadah wajib liana. Malih numutkeun pamadegan Ibnu Rusydi nyebatkeun: “Saestuna pikeun budak anu can balig pagawean dosana henteu dicatet, tapi anu dicatet nyaeta pagawean alusna.” Wallohu A’lam…