NGERIK HALIS NUMUTEKUN AJARAN ISLAM

Patarosan

            Ais Pangaping Tanya Jawab Munara Cahaya anu dipihormat, sim kuring bade tumaros ngeunaan masalah anu aya patalina sareng diri awewe, nyaeta masalah ngerik atawa nyukur halis atawa nyabutan bulu halis. Anu jadi patarosna nyaeta, kumaha eta hukumna numutkeun ajaran Islam? Naha dikengingkeun atanapi henteu? Kumargi di zaman kiwari mah hal anu sapertos kitu teh tos janten kabiasaan khususna pikeun kaum awewe, sok sanaos kaum lalaki oge aya anu ngalakukeuna, tapi jarang pisana ayana. Sim kuring ngantos walerana, kalayan sateu acana ngahaturkeun nuhun. (Hj. Juju Jubaedah: Manisi Cibiru Bandung).

 

Waleran

            Sami-sami hatur nuhun kana sagala rupi perhatosna. Leres pisan sekumaha anu disebatkeun ku wargi anu naros wireh di zaman kiwari hiasan-hiasan anu dipake ku awewe rupa-rupa pisan cara, jinis jeung warnana. Kadang-kadang maranehna henteu malire kana aturan-aturan tradisi atawa agama, nu penting mah pantes jeung alus katingalna. Saperti nyukur atawa nyabutan bulu halis. Hal saperti kieu, khususna di kaum awewe tos janten kailaharan, sok komo nalika aya acara-acara walimahan atawa raramea, sahingga di sabagian masyarakat Islam muncul masalah, kumaha hukumna polah anu saperti kitu numutkeun ajaran Islam?

Sapamendak sim kuring saparakanca, polah anu saperti kitu dina bahasa Arab disebut “An-Namsh” (An-Namsh atawa Namsh), hartosna sacara basa nyaeta nyabut rambut, atanapi nyabut rambut tina wajah. Sedengkeun hartosna sacara istilah sami sareng hartosna sacara basa, nyaeta nyabut atawa nyukur rambut anu aya dina wajah (awewe), atawa sabagian ulama aya anu ngahartoskeun ngipisan rambut panon (halis). Malih Imam Nawawi nyebatkeun yen An-Namsh hartosna miceun atawa ngaleungitkeun rambut anu aya dina wajah. Ibnu al-Atsir nyebatkeun wireh An-Namsh hasrtosna nyaeta awewe anu nyabut rambut tina wajahna. Aya oge ulama anu nyebatkeun wireh An-Namsh maksudna nyaeta ngerik rambut anu aya di wajah. Tapi aya oge ulama anu nyebatkeun wireh An-Namsh nyaeta ngan sakadar ngerik atawa ngipisan halis, sedengkeun ngerik rambut anu aya di bagian wajah liana henteu kaasup An-Namsh. Namung para ulama fiqih mufakat yen nyabut rambut atawa ngerik rambut anu aya dina halis kaasup An-Namsh. Hukumna numutkeun ajaran Islam nyaeta haram (dilarang). Hal ieu dumasar kana sala sahiji Hadits Nabi saw.: “Alloh ngalaknat jalma-jalma anu sok nato jeung jalma-jlama anu menta ditato. Alloh ngalaknat oge jalma-jalma anu nyabutan rambut-rambut wajah (kaasup bulu halis) jeung anu menta dicabutan. Alloh ngalaknat jalma-jalma anu ngambung rambut jeung anu menta disambung rambutna” (HR. Muslim).  Dina Hadits sanesna disebatkeun: “Rosululloh saw. ngalaknat awewe-awewe anu nyukur halisna atawa anu menta dicukuran halisna” (HR. Abu Dawud).

Lajeng dina cara ngaleungitkeun halis kucara dikerik atawa dicabut, para ulama beda-beda pamadegan, naha kaasup An-Namsh atawa henteu. Malikiah sareng Syafi’iyah ngagaduhan pamadegan, anu kaasup An-Namsh nyaeta nyabut bulu halis, tapi saupama sakadar nyukur bulu halis henteu kaasup An-Namsh. Dumasar kana katerangan ieu, mangka nyukur bulu halis numutkeun ajaran Islam hukumna dimeuangkeun, anu henteu dimeunangkeun nyaeta nyabutan bulu halis. Sedengkeun numutkeun pamadegan Hanabilah, anu kaasup An-Namsh nyaeta nyabut bulu halis, tapi saupama nyukurna henteu kaasup An-Namsh. Ku hal kitu, sabalikna tina pamadegan Malikiah sareng Syafi’iyah, nyaeta anu dilarang ku hukum Islam nyukur bulu halis, sedengkeun nyabutan bulu halis dimeunangkeun. Namung numutkeun jumhurul ulama, henteu aya bedana boh nyukur bulu halis, atawa nyabutana. Dua cara eta kaasup An-Namsh. Ku hal kitu, boh nyukur bulu halis, atawa nyabutan bulu halis, duanana numutkeun pamadegan jumhurul ulama dina ajaran Islam kaasup An-Namsh, mangk hukumna henteu dimeunangkeun, tegesna haram, sabab tos kaasup ngarobah kana ciptaan Alloh. Sakumaha pidawuh-Na dina Alquran Surat al-Nisa Ayat 119.

Lajeung kumaha hukumna pikeun awewe anu ngagaduhan caroge sareng anu henteu ngagaduhan caroge (masih lajang), margi dina hal aya aya ulama anu ngabentenkeuna. Jumhurul ulama ngagaduhan pamadegan, pikeun awewe anu masih lajang, henteu dimeunangkeun ngalakukeun An-Namsh. Tapi pikeun awewe anu henteu ngabogaan salaki, sabagian ulama aya oge anu ngameunangkeun ngalakukeun An-Namsh, saupama hal eta kacida dibutuhkeuna, contona pikeun kasehatan atawa pikeun miceun rambut anu henteu pantes ditingalna. Sedengkeun Imam al-‘Adawi ti rengrengan madzhab Maliki nyebatkeun yen larangan An-Namsh ngan wungkul pikeun awewe anu henteu meunang ngahias dirina, nyaeta awewe anu aya dina masa ‘iddah ku sabab salakina ngantunkeun. Masa ‘iddah-na nyaeta salami opat bulan sapuluh poe. Atawa awewe anu statusna ngagntung, kusabab salakina teu acan bisa dipastikeun, naha masih keneh hirup atanapi tod ngantunkeun.

Anapon piekun awewe anu ngabogaan salaki, mayoritas ulama ngameunangkeun maranehna ngalakukeun An-Namsh saupama aya izin ti salakina. Anu jadi alesana nyaeta, sabab An-Namsh kaasup salasahiji cara awewe ngahias atawa ngadandanan awakna, sedengkeun awewe diparentah ku Alloh supaya ngahias dirina pikeun salakina. Lajeng ulama madzhab Hanbali henteu ngameunangkeun An-Namsh ku cara nyabut bulu tina wajahna sok sanajan aya izin salakina, tapi ngameunangkeun An-Namsh saupama ku cara dicukur atawa dikeurik. Namung Ibnu Jauzi, salasahiji ulama ti kalangan madzhab Hanbali ngameunangkeun An-Namsh pikeun awewe anu ngabogaan salaki. Dina hal ieu, anjeuna ngalarang An-Namsh teh saupama ngandung unsur nipu, atawa An-Namsh eta jadi salasahiji simbol awewe anu henteu taat kana agamana.

Dumasar kana pedaran di luhur tiasa disimpulkeun wireh jumhurul ulama ngagaduha pamadegan yen An-Namsh, boh kucara dicabutan buluna atawa dicukuran, boh pikeun awewe anu masih keneh lajang, atawana awewe anu tos ngagaduhan salaki, hukumna haram, henteu dimeunangkeun. Sedengkeun ulama liana, aya anu ngameunangkeun saupama kucara dicabut, sedengkeun saupama dikerik mangka henteu dimeunangkeun. Tapi aya oge ulama anu ngagaduhan pamadegan sabalikna. Cindekna, wireh An-Namsh dikengingkeun pikeun awewe anu tos ngagaduhan salaki, sabab awewe diparentah ku Alloh supaya ngahias dirina pikeun salakina. Wallohu A’lam